Kasugrianu mikacinta kana budaya Sunda, tinangtos ngaraos yen buku sareng naskah anu tumali sareng tembang Sunda kacida langkina. Ku hal sakaitu, dulur-dulur anu mikadeudeuh kana budaya sunda tembang cianjuran, para juru mamaos/juru tembang atanapi saha bae, saupami meryogikeun tembang-tembang Cianjuran, tiasa nyalin /copas sakumaha nu diperyogikeun, sapertos anu parantos diposting di handap ieu.

SAJAK, DIBACAKEUN KU EUIS BALEBATSuklak sikluk dayeuh BandungÉstuning ngandung pangirutNgawujud dina dangdingNataan kaayaan raray kotaGunung-gunung, tutuwuhan, léngkob, pasir jeung sasakalaTeu weléh mapaésan kaéndahan kotaKaasup kaéndahan rasa cintaKAPATI-PATI Lagu Bakang AbubakarRumpaka Wahyu WibisanaAngsana Wastukancana Kembangna konéng laleutik Marayak di tengah jalan Pangawuran Dayang Sumbi Bray balébat salah wanci Dina suku langit Bandung Di buruan Gedong Papak Hiliwir angin malati Malatina keur nyeungitan Kota Kembang. EROSSanggian Ibu SaodahRumpaka Wahyu Wibisana Mahoni di Cipaganti Tanjakan jalan ka Lémbang Ngasona di Gegerkalong Jauh kénéh ka Burangrang Ari rét ka Manglayang Aya gupay tinu jauh Méga sutra lir salempay. JANGJI ASIHSanggian Apung Supena Wiratmadja Dina mumunggang, eulis Carita urang munggaran Nyawang Bandung nu alum keur halimunan Ngagalindeng eulis, lagu kamelang duaan Jangji asih subaya silih bélaan - Ukur impian keur urang duaan Bandung siga ngagupayan Dina mumunggang, eulis Haté taya nu marengan Urang Bandung kacipta keur ngagupayan Angin gunung eulis, ngaharéwos lalaunan Ngabéjaan urang Bandung panganténan - Ukur impian nu tanpa wekasan Jangji asih na lamunan.

JEMPLANGPANGANTEN. Nyukeruk parung meulah bantar. birit leuwi peupeuntasan. birit leuwi peupeuntasan. Da taya kabeurat ati. lintang salira anjeuna. nu jadi kaabot hate. asih sanes pupulasan. sugan teh moal sulaya.
.
  • vph8v83b8y.pages.dev/806
  • vph8v83b8y.pages.dev/536
  • vph8v83b8y.pages.dev/808
  • vph8v83b8y.pages.dev/350
  • vph8v83b8y.pages.dev/840
  • vph8v83b8y.pages.dev/598
  • vph8v83b8y.pages.dev/866
  • vph8v83b8y.pages.dev/436
  • vph8v83b8y.pages.dev/934
  • vph8v83b8y.pages.dev/888
  • vph8v83b8y.pages.dev/233
  • vph8v83b8y.pages.dev/333
  • vph8v83b8y.pages.dev/9
  • vph8v83b8y.pages.dev/784
  • vph8v83b8y.pages.dev/608
  • lirik lagu tembang sunda cianjuran